B. Daerah

Pertanyaan

Jumlah engang dina padalisan teh di sebutna???

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Jumlah engang dina padalisan teh disebutna guru wilangan. Guru wilangan jeung guru lagu nyaeta patokan atawa aturan anu aya dina hiji puisi anu kaiket ku aturan, saperti aturan pupuh. Guru lagu nyaeta sora tungtung engang nu aya dina pupuh. Salian ti guru wilangan jeung guru lagu, dina pupuh oge aya aturan watek atawa karakter. Unggal pupuh miboga guru wilangan, guru lagu jeung watek sewang-sewangan anu beda.

    Pupuh mangrupa patokan atawa aturan anu digunakeun dina sawatara puisi Sunda, nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya puisi anu kaiket ku aturan jeung aya oge puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti mantra, sajak jeung kakawihan.

    Jadi puisi Sunda saperti sajak, mantra jeung kawih mah henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, saperti nu aya dina pupuh. Aya 17 rupa aturan pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa aturan pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa aturan pupuh. Dina nepikeunnana, pupuh biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun sawatara rupa pupuh.

    Pupuh Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun sarupu tembang wungkul. Guguritan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Ageung. Sedengkeun wawacan biasa ngagunakeun pupuh anu aya dina Sekar Alit atawa Sekar Ageung.

Pertanyaan Lainnya