B. Daerah

Pertanyaan

bisa bantu yg pancen 4 gk?
bisa bantu yg pancen 4 gk?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa puisi Sunda. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Eusi atawa maksud anu aya dina sisindiran bisa mangrupa piwuruk, silihasih, atawa sesebred. Di handap ieu nyaeta conto dua sisindiran :

    1. Conto Sisindiran

    a. Sisindiran Paparikan

    Hirup ulah popolotot
    bisi moal boga batur
    kudu inget pesen kolot
    jeung dulur teh kudu akur

    b. Sisindiran Wawangsalan

    Tempat pikeun nyimpen elmu
    kudu pinter ngeusi saku (wangsalna buku)

    2. Sisindiran no. 1.a. di luhur nyaeta sisindiran paparikan. Eusi anu aya dina eta sisindiran nyaeta mangrupa  piwuruk atawa bisa oge mangrupa silihasih, nyaeta silihasih jeung dulur.

    3. Dina sapada sisindiran paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan. Jumlah engang unggal padalisan nyaeta dalapan. Tungtung jajaran cangkang murwakanti jeung tungtung jajaran eusi, nyaeta kecap popolotot murwakanti jeung kecap kolot, kecap batur murwakanti jeung kecap akur.

    4. Sisindiran no. 1.b. di luhur mangrupa sisindiran wawangsalan. Wawangsalan bisa oge disebut tatarucingan, sabab nu maca wawangsalan kudu bisa neguh eusi atawa harti tina padalisan kahiji. Sanggeus bisa neguh harti tina padalisan kahiji, terus kudu diteangan hiji kecap anu aya dina padalisan kadua anu kecapna murwakanti jeung harti anu aya dina padalisan kahiji. Dina wawangsalan di luhur, eusi atawa harti tina padalisan kahiji nyaeta "buku". Kecap "buku" murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina padalisan kadua, nyaeta kecap "saku". Kecap buku murwakanti jeung kecap saku. Wangsal tina eta wawangsalan teh nyaeta "buku".