B. Daerah

Pertanyaan

Carpon bahasa sunda singkat?
tema nya bebas.

#Terimakasih

1 Jawaban

  • Kajadian Teu Disangka-sangka

    Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, dimas ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal dimas sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.
    Wengi eta dimas cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.
    Tabuh 06.00 WIB pas, dimas mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Dimas yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.
    Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 7,8,9 lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta basa sunda . Bu ade guruna teh. Barudak simpe, margi bu ade tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing bu!”
    “Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur bu ade .
    “Haaahh, pan teu diwartosan bu, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.
    Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji.
    “Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate dimas .
    Ketatna pa ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti dimas , kertas ulangan dadakan dikempelkeun.

    Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Dimas kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”

Pertanyaan Lainnya